Friday 17 August 2012

boboran siam

Sumber : Komunitas Orang Sunda

Wilujeng Boboran Siam.....

Bilih aya tutur saur nu teu ka ukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, nu ngaraheutkeun manah, neda dihapunten lahir batin.

Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Mugi katampi ku galih neda pangapunten kana samudaya kelepatan lahir tumakaning batin.

Urang palidkeun kapeurih kasagala asih, 
Urang lokat kalepatan ku tirta ning rahmat, 
Urang sulam kembang kanyaah ku sutra hampura, mumpunng masih keneh di paparinan yuswa.......

Sim kuring atas nami pribados neda di hapunten lahir sinareng batin!.

No comments:

Post a Comment