Tuesday 23 February 2021

PAPATAH, PATITAH jeung TALATAH

 

Papatah, patitah jeung talatah.


Ngahaturkeun haturnuhun sareng haturhormat nu sa ageng-ageng na ka GUSTI nu di luhung.(Raden Merah Putih).

Ngahaturkeun haturnuhun sareng haturhormat nu sa ageng-agengna ka sakabeh karuhun nu aya di karaton nagara TATAR SUNDA, (Raden Merah Putih).

Silih asah, silih asuh, silih asih. (Prabu Siliwangi).

  • sabar
  • bageur ka saha bae
  • rendah hate, jauh ti kasombongan
  • kuat kawas jalma kulon

Sing percaya ka GUSTI. (Dipati Anom CakraDiningrat Prabu Kian San Tang).

Ngadoa, ngadeukeutkeun hate ka GUSTI.
  • Bersihkeun hate
  • Bodaskeun hate
  • Caangkeun hate
  • Luruskeun hate
  • Beungharkeun hate
  • Gedekeun hate
  • Brangbrangkeun hate
  • Bungahkeun hate
Ulah poho ka Sang Agung urang bakal balik ka dinya.
  • Ulah tinggalleun nga'doa'
  • Ulah hilap "SILIH"
  • Ulah ngucap sambarangan
  • Ulah ceurik
  • Ulah Sirik
  • Ulah hianat
  • Ulah fitnah
  • Ulah nyalahkeun kolot
  • Ulah hayang milik batur
  • Ulah ngagadekeun harga diri
  • Ulah pasea
  • Ulah nyarekan batur
  • Ulah emosi
  • Ulah sieun
  • Ulah sieun ku duit
  • Ulah keeung
  • Ulah ngahina mahluk "ALLAH"
  • Ulah sombong
  • Ulah takabur
  • Ulah ria/pamer
  • Ulah hejo tihang
  • Ulah nyarita ngawur
  • Ulah rumasa urang bisa
  • Ulah buruk sangka
  • Ulah ngomonngkeun batur
  • Ulah panas hate
  • Ulah nyarekan budak
  • Ulah ngaruksak barokah nu geus aya
Sing percaya ka GUSTI
  • Sing loba ngadoa
  • Sing loba hate bodasna
  • Sing gede hampura
  • Sing tabah
  • Sing begeur ka saha bae
  • Sing ngahargaan ka kolot
  • Sing kuat jiga jalma Kulon
  • Sing sabar
  • Sing Tawakal
DOA
  • Kudu loba nga'doa' ka GUSTI
  • nga 'doa' ngadeukeutkeun hate ka GUSTI
  • nga 'doa' ka GUSTI barokahna ti karuhun

KUDU
Kudu loba nga'doa'
  • Kudu boga prinsip
  • Kudu boga harga diri
  • Kudu rendah hate
  • Kudu nulungan jalma saha bae
  • Kudu ngangkatan hirup jalma lian
  • Kudu tabah
  • Kudu kuat
  • Kudu ngabakti  ka kolot
  • Kudu tegas
  • Kudu hati-hati 'ngucap'
  • Kudu hati-hati 'ngalangkah'
  • Kudu nyieun hirup nu ka harti
  • Kudu loba maklum
  • Kudu jadi conto hirup keur batur
  • Kudu ngajalankeun hirup sing bageur
  • Kudu beunghar hampura
  • Kudu beunghar hate
  • Kudu bisa ngatur waktu
  • Kudu bisa ngatur hirup/hirup kudu di atur
  • Kudu ngabantuan jalma saha bae, ngabantuan kudu ka jalama anu ngarti

Hirup nu beurat teh nyaeta, ngalawan hawa nafsu sorangan.
Hirup di dunya teh ngan sakeudeung kudu benghar hampura.
Urang ngahutang hirup ka GUSTI mayarna ku kalakuan urang, nyaeta nyaah ka jalma saha bae.
Loba nga 'doa' seeur barokahna
Nyucikeun hate, loba hate bodasna, ngabukakeun jalan, sagalaherang.

Hirup sing bageur.
  • Ngajalankan hirup sing bageur
    • Bageur ka kolot
    • Bageur ka dulur
    • Bageur ka budak
    • Bageur ka saha bae
  • Hirup kudu dijalankan sing bageur

HATE
Hirup urang, sakumaha hate urang.
  • Hate urang caang,hirup urang caang
  • Hate urang beresih, hirup urang beresih
Mung kitu, upami hate urang caang, beresih, sagalaherang jadina
  • Mere kudu jeung hate anu ridho

HIRUP
  • Hirup kudu dijalankeun
  • Hirup kudu silih
  • Ngajalankeun hirup sing bageur
  • Hirup kudu jadi conto jang batur
  • Hirup kudu hurip
KAHIRUPAN
  • Aya kasenangan aya kasusahan
  • Aya kabungahan aya kasedihan
  • Aya bener aya salah
  • Aya aya aya euweuh
BAKTI
  • Kudu ngabakti ka kolot
  • Beda bakti jeung ngabakti teh
NAFSU
Kudu bisa nahan nafsu
  • Nafsu/emosi
  • Nafsu amarah
jeung nafsu anu sanesna

PUASA
  • Puasa beuteung
  • Puasa tikoro jeung mulut
  • Puasa emisi - nafsu jeung nafsu anu sanesna

Patitah, Papatah, Talatah RATU PRABU GALUH
  • Hati-hati ngalangkah atawa berbuat
  • Teu meunang ngahina ka sagala mahluk GUSTI
  • Teu meunang ga'hak' milik batur
  • ASih ka saha bae
  • Hirup kudu bageur
Patitah, Papatah, Talatah WIJAYA NATA KUSUMA
  • Usapan dada, ucapkeun syukur, haturnuhun, hampura
  • Ngadoa milu ka salaki

Patitah, Papatah, Talatah HAJI SURYA PADANG
  • Hirup kudu di atur, maksadna teh urang kudu nata hirup urang, Aya saeutik, saeutik. Aya loba oge saeutik-saeutik ulah di hambur-hamburkeun.
  • Mantuan ka jalma nu ngarti nuhun

Patitah, Papatah, Talatah HASAN MUGHNI
  • GUSTI nu di luhung hampurakeun abdi
  • GUSTI nu di luhung hampurakeun....

    Patitah, Papatah, Talatah RATU NYI RORO KIDUL
    Hirup kudu boga hate

    Patitah, Papatah, Talatah RATU NYI MAS AYU GANDASARI
    Hirup kudu boga kasabaran


    Patitah, Papatah, Talatah DIPATI ANOM CAKRADININGRAT PRABU KIAN SAN TANG
    • Ulah sieun ku duit
    • Ulah keeung
    Patitah, Papatah, Talatah SAKTI
    • Ngahareup ka Kulon
    • Haturkeun haturnuhun ka GUSTI, abdi bade ngajalankeun hirup, nyuhunkeun rizkina.
    Patitah, Papatah, Talatah SAKA DOMAS
      • Hirup sing sabar
      • Hirup sing bageur

      Patitah, Papatah, Talatah GAGAK RIMANG & SAKA DOMAS
      nu datang ti KULON malikna ka KULON
      nu datang ti KIDUL malikna ka KIDUL
      nu datang ti WETAN malikna ka WETAN
      nu datang ti KALER malikna ka KALER
      nu meuli nu boga
      nu boga nu make
      malika, malika
      Ya GUSTI kabulkeun sagala pamaksatan jisim kula.


      Patitah, Papatah, Talatah SYARIF HIDAYATULLAH
      Tabah, tawakal.

      No comments:

      Post a Comment